:

1 Korinta 16

1

Hal aranjeun rek ngumpulkeun duit sumbangkeuneun ka umat Allah di Yudea, pake cara anu ku sim kuring dipituahkeun ka Jamaah di Galata.

2

Unggal poe Minggu aranjeun masing-masing kudu nyengcelengan sakadugana, nurutkeun pangala. Duitna kumpulkeun, supaya ari sim kuring datang duitna geus aya.

3

Engke ari sim kuring geus di dieu eta sumbangan kari nganteurkeun ka Yerusalem, anu ngalanteurkeunana rek dibahanan surat.

4

Bisi diperlukeun mah sim kuring oge daek ngabarengan indit.

5

Pidatangeun sim kuring ka aranjeun teh sanggeusna ti Makedoni, sabab sim kuring arek make jalan ka Makedoni.

6

Di aranjeun tangtu ngendek heula sawatara waktu, kawasna salila usum tiris.

7

Jadi sim kuring lain ngan sakadar rek nyimpang, tapi hayang rada lila. Mugia Allah marengkeun.

8

Tapi nepi ka poe Pentakosta mah rek di Epesus bae heula,

9

sabab loba kasempetan pikeun ngajalankeun hal-hal anu parenting, sanajan loba anu bakal ngahalang-halang.

10

Lamun Timoteus datang aku sing bener supaya betaheun, sabab manehna oge digawe pikeun Gusti cara sim kuring.

11

Ku aranjeun ulah dimomorekeun. Dina waktu rek mulangna deui ka sim kuring ku aranjeun kudu dibantu. Ku sim kuring jeung ku dulur-dulur sejenna keur kacida diarep-arepna.

12

Apolos geus sababaraha kali dijujurung manggihan aranjeun bareng jeung nu sejenna, tapi bingbangeun keneh. Ari geus rineh mah tangtu anjeunna ka dieu.

13

Didoakeun aranjeun sing waspada jeung tetep percaya.

14

Sakur anu dilampahkeun ulah tinggal ti kanyaah.

15

Aranjeun tangtu warawuh ka Stepanus sakulawarga, urang Ahaya anu pangheulana jaradi Kristen, sarta geus ngabaktikeun dirina pikeun ngalalayanan umat Allah.

16

Sing narurut ka anjeunna. Jelema nu kawas anjeunna, kitu deui anu ngabarantu ka anjeunna, memang pantes lamun diturut.

17

Sukur aranjeunna, Stepanus, Portunatus, jeung Akaikus, geus araya di aranjeun. Sim kuring kacida bungahna lantaran asa kawakilan sabot sim kuring can datang.

18

Aranjeunna lir panghurip pikeun sim kuring, kitu deui pikeun aranjeun. Jelema-jelema saperti aranjeunna pantes diajenan.

19

Aya salam ti jamaah-jamaah di propinsi Asia. Salam ti Akwila jeung Priskila kitu deui ti anggota-anggota jamaah anu nyieun kumpulan di imahna.

20

Salam ti sakabeh dulur-dulur sejenna. Sing silih bageakeun, silih pikasono, silih pidulur.

21

Panambahna salam anu ditulisna ku sim kuring sorangan: Salam ti sim kuring, Paulus.

22

Saha-saha anu teu nyaaheun ka Gusti, mugia sing meunang hukuman ti Allah! Maranata — Gusti, geura sumping!

23

Mugi-mugi aranjeun dirahmat ku Gusti Yesus.

24

Sakieu surat sim kuring, anu nyaah ka aranjeun ku karana Kristus Yesus. Wassalam, Paulus

Link: